"Wilujeng Sumping Di Padepokan R-2,Hayu Urang Sami_Sami Di Ajar Ngaji Diri,Ngaji Rasa Sangkan Urang Cageur,Bageur Tur Bener"

PUISI SEDIH BAHASA SUNDA 3

KAPIDANGDUNG

waktu subuh anu suwung
nyulusup na qalbu nu liwung
rasa gandrung kapidangdung
ngageter teu manggih tungtung
rasa kapahung alam rasa asa ngapung



mapay nyaba ka alam rasa
asa salah saban mangsa
naha aya rasa padahal anggang
kakara sadar rasa mah taya batasna
kawasa nganjang kamana-mana

panuhun kanu agung
tumarima tinu kawasa
sagala rasa anu aya
atra salira nu boga
bray cahya datang narawangan
nya'angan jalan laratan
alam rasa ca'ang padang
mangsa beurang mimiti datang

Bersambung Ka : CANEOM

Tidak ada komentar:

Posting Komentar