"Wilujeng Sumping Di Padepokan R-2,Hayu Urang Sami_Sami Di Ajar Ngaji Diri,Ngaji Rasa Sangkan Urang Cageur,Bageur Tur Bener"

PUISI SEDIH BAHASA SUNDA 1

LAYUNG SAREUPNA

Nyanghunjar . . .
Pogot Neuleuman Lampah Nu Hambar,
Matri Katugenah Ieu Pikir . . .

Naha Nyasalar Dina Humandeuar,
Ngeprik Jero Rumenghik Ceurik,
Sadrah Lampah Kagonjak Wayah,
Mipit Pamapaler Kapait . . .


Girimis Anu Maseuhan,
Lir Nurihan Titik_Titik Sakujur Raga,
Nyugak Sesa_Sesa Lengkah,
Nutup Arah Pileumpangeun . . .

Saharita Hibar Layung Mapaes Gunung,
Nyipatan Mapag Sareupna,
Nanging Ka Inggis Taya Sudana,
Rasa Guligah Teu Ingkah_Ingkah . . .

Tumanya Dasaring Ati,
Naha Bagja Cinta Jeung Harepan Teu Aya Dina Keupeulan . . .
Ukur Miyuni Impenan Nu Teu Pasti,
Atra Kagareuwah Kalangkang Asalna . . .

Codeka Mupuhuan Tunggara . . .

Bersambung Ka : SAMAR UDAGAN

Tidak ada komentar:

Posting Komentar