"Wilujeng Sumping Di Padepokan R-2,Hayu Urang Sami_Sami Di Ajar Ngaji Diri,Ngaji Rasa Sangkan Urang Cageur,Bageur Tur Bener"

Bubuka

Bismilahirohmanirohim , , ,

Bismillah tuturus laku ning lampah,
muru gapuraning rahayu berekah salamet,
banjaran jatining bagja,
Niti wanci nu mustari ,ningang mangsa nu sampurna,

Niti nu pasti,luyu tur saestu,tetep galeuh lelembutan,
di palar setraning rasa,dipamrih surtining ati,
melaan ucap jeung lampah,katut patekadan,
mangsana beubeunah,bumetah katut babakti . . .

Diri nu teu di uji,rasa nu teu dipirosea,laku lampah nu teu di pongah,
Dina papagon hirup manut lampahing laku,nyungkeman badan,
Ibadah sumerah ka Nu Maha Kawasa,
Pitutur para guru,papatah para ulama,pangeling para kiyai,
rawuh para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan,jeng kamalinaan,
Geura suprih ku pangarti,paruruh ku pangaweruh sakumna elmu,
geura eling kana purwadaksi,emut kana tuturus laku . . .

urang teh asal timana ? . . .
Balik bakal kamana ? . . .
Ayeuna cicing dimana ? . . .
Lenyepan sing taliti ! . . .
Larapkeun na sanubari,disarengan kulampahna,
Tanya heula eta rasa,talek heula eta hate,tilik deui eta diri,
Dimana ayeuna ngancik ? . . .

Tekadkeun sing enya_enya pikeun sakabeh laku lampahna,
bisi goreng balukarna,
napsu nu matak kaduhung,awak nukatempuhan,
tina atikan atanapi tina didikan nu munggaran,
kasasar nya lampah,pajauh nya laku,jeung buntu dina laku,
yakin dina pamadegan,tanjeurkeun beubeuneran sangkan meunang kabagjaan,
dunia rawuh akherat . . .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar