"Wilujeng Sumping Di Padepokan R-2,Hayu Urang Sami_Sami Di Ajar Ngaji Diri,Ngaji Rasa Sangkan Urang Cageur,Bageur Tur Bener"

PUISI SEDIH BAHASA SUNDA 2

SAMAR UDAGAN

Harewos qolbu , , ,
Dina Rapang Kalangkang Beurang,
Jero Iuh Linduh Tatangkalan . . .

Jero Implengan , , ,

Naha Lengkah Teh Lir Ibarat Ngeundeuk_Ngeundeuk Gunung,
Umpama Nulis Dina Sagara,
Tangtu Moal Kahontal,
Estu Pimohaleun Rek Laksana . . .

Sakapeung Sok Nyancad Ka Diri,
Kunaon Bet Miyuni Bengbatan,
Udar Janji Mindah Cinta . . .

Ngumbar Nyalasar Sandiwara Tresna,
Antukna Ngarakrak Mangjuta Imut Pangharepan,
Ti Saban Wanoja,
Antukna Batin Hanjelu . . .

Samar Udagan Buyar Pangharepan,
Ukur Nyeungceurikan Lampah,
Bari Kedal Pangdo'a Nu Saestuna,
Ka Gusti Allah Ta'ala . . .

Matri Panedja,
Raga Sagemblengna Miharep,
Hiji Cinta Sajati,
Nu Wasa Nyanding Dugi Ka Jatuk Rami,

Amiiin . . .

Bersambung Ka : KAPIDANGDUNG

Tidak ada komentar:

Posting Komentar