"Wilujeng Sumping Di Padepokan R-2,Hayu Urang Sami_Sami Di Ajar Ngaji Diri,Ngaji Rasa Sangkan Urang Cageur,Bageur Tur Bener"

PUISI SEDIH BAHASA SUNDA 4

CANEOM

mega hideung mimiti nutupan tungtung gunung
caneom bangun nutup arah pileumpangeun
jalan satapak nu mimiti baseuh ku keclakna girimis
inggis katincak lir ibarat lalakon urang dua'an
nu inggis katincak deui


Lara Bagja Nu kantos ku urang kasorang
najan Kari carita,najan kari wa'asna
najan tingal kari-karina
tapi anjeun pernah jadi hujan nu maseuhan garingna hate
pernah jadi kembang nu ngahias taman rasa
najan carita urang teu lana lir kilat nu ngaliwat

panuhun kanu agung pangmukakeun deui langit nu angkeub
ca'angkeun deui arah pileumpangeun
bukakeun deui panto hate nu katutup duriat
leungitkeun deui girimis nu mawa ka inggis

Tidak ada komentar:

Posting Komentar