"Wilujeng Sumping Di Padepokan R-2,Hayu Urang Sami_Sami Di Ajar Ngaji Diri,Ngaji Rasa Sangkan Urang Cageur,Bageur Tur Bener"

Solusi Samsung G318HZ V Plus Mode Headset

Solusi Samsung G318HZ Atau Samsung Galaxi V Plus Mode Headset,Atau Bisu Alias Ga Ada Suaranya
Dengan Gejala : 
-Nada Dering Bunyi Tapi Nada Dan Suara Semua Aplikasi Mati Alias Tak Bersuara Seperti Suara       Music,Suara Game,Suara Telphone Pun Hanya Keluar Jika Di Loudspeaker  Sementara Suara     Earphone Atau Speaker Kecil Yg Untuk Ke Telinga Mati,
-Pada Tampilan Bar Atas Ada Gambar Headset Dan Saat HP Mulai Di Hidupkan Ada Bacaan   Terhubung Ke Headset,

PUISI SEDIH BAHASA SUNDA 3

KAPIDANGDUNG

waktu subuh anu suwung
nyulusup na qalbu nu liwung
rasa gandrung kapidangdung
ngageter teu manggih tungtung
rasa kapahung alam rasa asa ngapung

PUISI SEDIH BAHASA SUNDA 4

CANEOM

mega hideung mimiti nutupan tungtung gunung
caneom bangun nutup arah pileumpangeun
jalan satapak nu mimiti baseuh ku keclakna girimis
inggis katincak lir ibarat lalakon urang dua'an
nu inggis katincak deui

PUISI SEDIH BAHASA SUNDA 2

SAMAR UDAGAN

Harewos qolbu , , ,
Dina Rapang Kalangkang Beurang,
Jero Iuh Linduh Tatangkalan . . .

Jero Implengan , , ,

PUISI SEDIH BAHASA SUNDA 1

LAYUNG SAREUPNA

Nyanghunjar . . .
Pogot Neuleuman Lampah Nu Hambar,
Matri Katugenah Ieu Pikir . . .

Naha Nyasalar Dina Humandeuar,
Ngeprik Jero Rumenghik Ceurik,
Sadrah Lampah Kagonjak Wayah,
Mipit Pamapaler Kapait . . .

PENGAJIAN TAUHID DALAM BAHASA SUNDA 5

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-4
BAB ELMU KASAMPURNAAN
INSAN KAMIL (MANUSA SAMPURNA)

Kacarioskeun Raden Muslimin sareng Raden Muslimat parantos waktosna diumbarakeun di Alam Dunya, mulih ka Rakhmatulloh nyumponan dalil ‘WA INNA ILAHI ROJI’UN ‘, mulih ka jati mulang ka asal, mulih rasana maring kersana Allah.

PENGAJIAN TAUHID DALAM BAHASA SUNDA 4

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-3
Lanjutan Jeujeur Carios anu kapungkur......!
Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, saparantos netepan Asar…, teras ngabarujeng deui ka Bale Paguneman, neraskeun hanca obrolannana.

Rd. Muslimin : Alhamdulillah rai…, urang dipasihan sehat, kiat, mugi-mugi bae saterasna Allah Ta’ala ngucurkeun rahmat, kasalametan, oge kalancaran dina raraga urang madungdengkeun ieu

PENGAJIAN TAUHID DALAM BAHASA SUNDA 3

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-2

NGALANJUTKEUN JEUJEUR CARIOS NU KAPUNGKUR
Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, enjingna saparantos netepan Subuh, ngaraos saleger, maklum wengina karulem talibra pisan. Bubuhan raina Raden Muslimat nuju hanaang ku Elmu, atuh derekdek deui bae naroskeun ka rakana.

PENGAJIAN TAUHID DALAM BAHASA SUNDA 2

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-1

PAGUNEMAN PAPAHAMAN ELMU AGAMA & PA-TAUHIDAN
Jejer bubukaning carita, nyaritakeun di hiji nagara jujuluk Ragataya ari jenengan rajana nyaeta Prabu Jasaddiyah, Prameswarina jenengan Ratna Atiyah. Parantos kagungan putra dua pemeget, jenenganana, anu cikal Raden Muslimin, raina Raden Muslimat. Duanana parantos pada-pada

PENGAJIAN TAUHID DALAM BAHASA SUNDA

Kitab Marifatullah

Bissmillahirahmaanirrahiimi.
Alhamdulillahi robbil’alamiin, wassholatu wassalamu ‘ala syaidina Muhammadin wa ‘ala aliihi wa shohbihi ajma’iin.
Mimiti jisim kuring nulis ieu kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah ta’ala, nu murah ti dunya